@jihadmy13: Lirik 👇🏼 Bismillah abdi ngawitan Macakeun ieu syairan Mugi janten kasaean Ulah janten ka awonan Alhamdulillah mujian Allah nu Maha Kagungan Tangtu abdi butuh pisan Kana Rahmatna Pangeran Mugi Allah maparinan Rahmat sareng kahurmatan Ka kanjeng Rasul junjungan Muhammad Nabi akhiran Sareng ka kulawargina Sareng para sohabatna Sareng urang sadayana Anu butuh syafaatna Ieu ucap lampah abdi Basa nuju tolab ilmi Sanaos katelah santri Rumaos can bisa ngaji Ieu syairan diserat Emut mangsa nu kaliwat Bade ngisahkeun hikayat Santri nu bade ngakhidmat Abdi mah jalma teu gaduh Miskin harta osok ripuh Komo mun seueur kabutuh Benten sareng batur puguh Abdi teh tos di pasrahkeun Ku pun rama dititpkeun Saur pun ibu sing leukeun Papatah guru reugeupkeun Gening kieu karasana Tebih sareng ibu rama Duh Gusti abdi nalangsa Rinduna kabina-bina Tapi abdi bahagia Gaduh rencangan baraya Ngariung teu asa-asa Asa sareng kulawarga Ana abdu man ‘allamni Saur sayyidina Ali Kedah manut ka ustadzi Tapi keukeuh seusah diri Katelah nami santriyin Tapi karesep teh ulin Ayeuna nembe prihatin Kaduhung janten ngabatin Nembe mah abdi sumangat Ngaos ge alim kaliwat Sabab seja bade tobat Pun guru teh tilar wapat Asa nusuk kana manah Asa kabingah ge musnah Murobbi min ahlil jannah Murobbi ma'assalamah Duh Gusti nu Maha Agung Abdi nyuhunkeun pitulung Kaduhung kaliwat langkung Baringung bari merenung Barang dina hiji mangsa Abdi teh ngalih ngaosna Saur pun ibu pun rama Ngaos teu aya lirenna Teu karaos waktos singkat Abdi teh ka masyarakat Di ajar bari ngakhidmat Ngarah elmu teh manfaat Emut dawuhan ulama Jalmi sae aya dua Jalmi nu gaduh elmuna Tur nu nyiaran elmuna Duh Gusti abdi ngado’a Hampura sagala dosa Dosa pun ibu pun rama Guru abdi sadayana Aamin Allahumma aamiin Aamiin yaa Rabbal 'alamin Aamin Allahumma aamiin Aamiin yaa Rabbal 'alamin #syairansantri #nadzoman #syairansunda #bahasasunda #santrisalafi #nyantri #hariguru #murobbi #syairansantrisalafi