@jampana08cibodas: Karnaval lebakmuncang. “Ngamumule sunda, ngaraksa bangsa” geus lilana urang ngarasakeun kamerdikaan, ka-80 warsih Indonesia nangtung gagah. Tapi… naha masih kénéh urang émut kana jangji karuhun? Kana getih nu ngocor, kana cimata nu ngalir, dina raraga ngadegkeun nagri? Sunda téh henteu saukur sora kacapi, henteu saukur sora calung. Sunda téh hiji napas, hiji nyawa, hiji rasa nu nyambung ti karuhun ka incu-putu. Lamun henteu diraksa, éta napas bakal pareum, éta rasa bakal luntur, éta nyawa bakal musna. ayeuna, loba nu poho, loba nu ukur nganggap adat téh ukur tontonan. Padahal, di jerona aya piwuruk, aya tuntunan, aya cahaya karuhun nu kudu urang rawat. Lamun ayeuna urang teu miara, saha deui nu bakal ngajaga? “Ngamumule Sunda” hartina ngeraksa basa, ngaraksa tatakrama, miara kasenian, ngagem ajén-inajén karuhun. Ku éta, urang tiasa ngaraksa bangsa, ngaraksa kamerdikaan, ngaraksa rahayat sangkan sejahtera jeung maju. Dulur sadaya, tong ngantep budaya urang sirna. Tong ngantep kaulinan barudak ngan ukur jadi dongéng. Tong ngantep Sunda ukur jadi carita dina buku sajarah. Hayu, urang hudangkeun deui, urang miara, urang ajaga. Sangkan anak incu urang masih kénéh tiasa ngucap, “Kami teh urang Sunda, kami teh bangsa Indonesia.” 🇮🇩 Ngamumule Sunda, Ngaraksa Bangsa. Bersatu Berdaulat, Rakyat Sejahtera, Indonesia Maju. #karnaval #festival #arakarakan #lebakmuncang #sundanese #agustus #80 #dulurjampana

jampana08cibodas
jampana08cibodas
Open In TikTok:
Region: ID
Tuesday 19 August 2025 09:33:06 GMT
23183
424
26
14

Music

Download

Comments

sastyarani
sastyarani :
keren🔥
2025-08-19 12:50:40
0
kartikarahman42
kartika rahman :
sukses trus jampana 08 cibodas🥰
2025-08-19 10:41:16
0
s_tije
S_Tije :
😳
2025-08-24 11:51:41
1
vionaputrii33
flora :
🥰🥰
2025-08-19 10:16:10
0
dinadryntii
DinaDaryanti :
@jampana08cibodas__ bikin merinding keren abiss🔥
2025-08-19 10:32:52
0
imasmasopah98
imasmasopah98 :
🥰🥰🥰🥰
2025-08-19 10:45:21
0
mekar.jahit2
Mekar jahit :
the best 👍👍👍
2025-08-19 12:24:20
0
zazul26_
Zahraa_26 :
😭😭seudih
2025-08-19 14:50:51
0
rizalmahendraaaaaa
Cowoknyalse :
Waktunya membangunkan budaya yang tertidur 🔥🔥🔥
2025-08-19 17:10:57
0
xbyaral_
Abyar Dianesya Al-Banie :
kanyaah🖤
2025-08-19 21:45:33
0
rusmiyati.7274
Rusmiati :
👍
2025-08-20 04:50:52
0
lilis.listiani94
Bunda LL :
👍👍👍👍
2025-08-20 08:48:24
0
miftahfariid_
sabang :
Buhun style🤩🔥
2025-08-21 00:47:38
0
ramsi_1831
Den_Ramsi :
keren, mnjungjung tinggi nilai² budaya adat sunda .. harusnya ini juara ..
2025-09-03 06:07:47
0
To see more videos from user @jampana08cibodas, please go to the Tikwm homepage.

Other Videos


About