@nukit44: “Ulah Indit Bari Nyiduh” (Hirup Mah Kudu Nyesakeun Kahadean) “Kade, hirup mah ulah indit bari nyiduh… bisi engke urang keur labuh, aya pangabutuh. Ulah sombong, ulah angkuh, ulah siga jelma nu teu wawuh. Sabab bisa wae hiji waktu, urang nu kudu menta tulung nalika keur karipuh. Loba pisan jalma nu datang ukur nalika butuh, nepi ka aya omongan : dulur jadi batur, batur jadi dulur. Padahal, saenyana mah teu kudu kitu… asal urang sorangan ulah kitu ka batur. Salagi urang mampuh, tulungan nu butuh. Salagi urang kuat, talangan nu keur susah. Sabab ngukut domba, sanajan cape ngarit, engke karasa hasilna. Tapi lamun ngukut dendam, teu jadi bati… malah jadi panyakit dina ati. Jadi… indit sing hade, hirup sing mere mangpaat, ulah ninggalkeun tapak nu matak nyeri.” #pepatahsunda #hirupbijak #motivasisunda #silihasahsilihasihsilihasuh #ulahdendam

几ᵘҜⁱᵗ卂卂
几ᵘҜⁱᵗ卂卂
Open In TikTok:
Region: ID
Tuesday 21 April 2026 13:31:32 GMT
9330
148
0
37

Music

Download

Comments

There are no more comments for this video.
To see more videos from user @nukit44, please go to the Tikwm homepage.

Other Videos


About