Bahrul Ulum :
POV:lamaran orang sunda...
Bapa, ibu, oge sadayana anu hadir di dieu. Langkung ti payun, sim abdi nyanggakeun sembah nu nuhun, neda hapunten anu kasuhun, parantos ditampi ku kaluhungan manah ku pihak kulawarga bapa di dieu."
"Dinten ieu, sim abdi sumping ka ibu miwah bapa, disarengan ku kadeudeuh sareng doa ti sepuhna, nyanak ati nu buleud tur tekad nu bucengkelak. Maksadna teu aya sanes, narosan putri bapa sareng ibu, disarengan ku pangharepan mugia, ieu silaturahmi tiasa janten jalan dihijikeunana dua manah atara kulawargi abdi sareng kulawargi didiye."
"Abdi sareng sadaya uninga, laku lampah manusa moal luput tina luhur handapna, tapi kaasihna sim abdi ka putri ibu miwah bapa, moal aya towongna. Mugia bapa sareng ibu didiye kersa nampi, ngaping, tur ngajeroan niat suci ieu kalayan manah nu jembar."🤲🤲☺️
2026-08-17 14:35:16